Cari Blog Ini

Kamis, 20 November 2014

carpon sunda LEUNGIT



LEUNGIT
          Libur Sakola Rani jeng Sakulawargina indit ka imah Aki jeng Nini na nu aya di Bandung. Diditu Rani di ajak jalan-jalan ka Trans Studio Bandung ku Bibina, tos lami Rani hoyong ka Trans Studio Bandung, manehna ngarasa bungah bisa indit ka Trans Studio Bandung, diditu Rani naek kabeh permainan nu aya di Trans Studio Bandung.
          Sanggeus cape ulin, Rani ngarasa lapar. Manehna ngajak ka rumah makan nu aya di deuket Trans Studio Bandung. Di jalan rani nyekelan kanting bibina lantaran sieun tinggaleun. Sanggeus tepi rani ngarasa aneh lain Rumah Makan nu di  datangan ku Rani tapi kalah toko baju. “Bi geuning kalah kadie?” Tanya     rani ka bibina. Bibina teu aya wae ngawaler. Tuluy Rani ningali kana raray bibina, manehna ningali aya nu beda dina raray bibina, teu lila  Rani sadar yen kantong nu di cekelan ku manehna teh lain kantong Bibina ngalainkeun kantong Ibu-ibu nu keur balanja baju, Rani kasieunan ningali raray Ibu-ibu eta.
“Bibi…!!!” gorowok Rani tarik.
Nguping sora Rani, Ibu-ibu eta ngorejat reuwas.
“aya naon neng?” Tanya Ibu-ibu eta ka Rani.
“Bibi abdi dimana?” ceuk Rani.
“Bibi? Ari tadi Bibina kamana?” ceuk Ibu-ibu nanya ka Rani.
Rani kalah cerik tarik. “tos-tos ulah nangis ke di pangmilariankeun Bibina.” Ngarepehkeun Rani. Cerikna kalah beuki tarik, manehna kalah lumpat ka luar took kusabab manehna nyagka yen Ibu-ibu eta the tukang nyulik budak. rani balik deui ka Trans Studio Bandung lantaran manehna inget terahir nyarios sareng Bibina di trans Studio Bandung. Diditu manehna teu di ijinan asup ka Trans Studio Bandung lantaran teu gaduhen tiket masukna.
 Manehna gogoakan ceurik lantaran bibina leungit di Trans Studio Bandung. Tuluy Rani dibawa ka kantor satpam, cerikna repeh sanggeus Pa satpamna nyarios yen bibina rek ngajemput rani di kantor satpam. Geus tilu jam Bibina teu naya wae ngajemput, tidinya rani ceurik deui wae. “neng bumi na di palih mana? Ku bapa wang anterkeun uih,” Tanya satpam sabari ngarepehkeun Rani. Kusabab umur Rani karek 10 taun, manehna nganbisa ngajawab imahna di Bandung jeung di Bogor, manehna mah teu apaleun alamat nu pastina.
Teu lila datang Ibu-ibu nu ngalapor yen manehna kaleungitan budak awewe. Tapi hanjakalna lain Bibina Rani  ngalainkeun Ibu-ibu nu aya di toko baju keur neangan Rani.
“neng kamana wae dipilarian ku Ibu?” ceuk Ibu-ibu nanya ka Rani. Rani ngarasa sieun lantaran masih keneh nyangka yen Ibu-ibu eta teh tukag nyulik budak.
“Dupi alamat Ibu di palih mana?” Tanya Pa satpam ka Ibu eta.
“Di Cimahi Bandung Pa.” waler ibu. Nguping alamat Ibu eta, Rani ngarasa bungah.
“Ibu kenal kenal ka Nini Asih sareng Aki Maja?” taros Rani.
“Oh… kenal tatanggi atuh sareng Nini Asih mah. Neng putrana Pa Haji Romli?” ceuk ibu imas nu mangrupaken tatanggana.
“muhun bu”
Rani tuluy dibawa balik ku Ibu Imas nu mangrupakeun tatangga Aki jeung Ninina. Sanggeus tepi Imah  Rani ceurik bungah bisa balik deui ka imahna. Ibu Imas nyaritakeun yen Rani teh papisah jeung Bibina ka Indungna Rani, indungna rani ngucapkeun hatur nuhun ka Ibu Imas geus nganterkeun Rani Balik. Teu lila Bibina nelepon nu keur aya di kantor polisi nanyakeun Rani, nguping yen Rani geus balik Bibina ngarasa bungah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar